Ngudag Gelar “Al-Muttaqin”

Ku Enjang Muhaemin

"Yeuh jalma-jalma nu ariman, maraneh diwajibkeun puasa saperti nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma nu tarakwa.” (QS. Al-Baqoroh: 183).

Mun nilik kalawan taliti kana eta ayat di luhur, paling copel aya tilu hal penting, nu ka dituna, kudu dijadikeun dadasar sangkan ibadah puasa nu ku urang dilaksanakeun teh bisa ngawujud jadi ibadah nu bener-bener mampuh nguntungkeun boh pikeun kabagjaan di dunya boh pikeun kabagjaan di aherat.
Kahiji, eta ayat teh nembongkeun yen nu meunang panggero ti Gusti Nu Mahasuci pikeun ngalaksanakeun ibadah puasa teh, taya lian nyaeta jalma-jalma nu ariman, jalma-jalma nu dina jero dadana geus ngancik kaimanan jeung kayakinan yen teu aya deui Pangeran anging Alloh, jeung iman kalawan yakin yen Nabi Muhammad SAW teh utusan Alloh.
Pikeun kaom mukminin, tinangtu kalintang bagja jeung bungahna, sabab eta panggero ti Gusti teh mangrupa hiji penghargaan nu teu dibikeun ka golongan sejen. Ngan jalma-jalma nu iman wungkul, nu dibere tugas suci pikeun ngemban eta parentah. Ku kituna, pikeun kaom muslimin nu dina hatena geus ngancik iman mah, tinangtu eta panggero teh baris dibageakan tur dilaksanakeun kalawan daria. Dina cunduk kana waktuna, moal aya istilah diengkekeun deui, sabalikna baris dilaksanakeun kalawan daria dibarung ku kasiapan lahir jeung batin.
Pikeun ngalaksanakeun ibadah puasa tangtuna oge pada apal, nu dibutuhkeun teh lain saukur kakuatan pisik, nu biasana ditembongkeun ku kamampuh teu dahar teu nginum jeung teu sapatemon dina waktu puasa. Tapi oge butuh kakuatan batin, kakuatan ruhaniah, boh kaimanan boh kaikhlasan, ieu teh kedah leres-leres jadi dadasar dina ngalaksanakeun ibadah puasa. Sabab, apan urang oge pada uninga, saur Kanjeng Nabi SAW: “Aya di antara umat kaula anu puasana teh ngan saukur meunang lapar jeung hanaang wungkul.”
Ku kituna, kalawan kasadaran jeung kakuatan iman nu ku urang dipibanda, hayu urang tekadkeun diri sangkan puasa Ramadhan ti taun ieu ka hareup mah sing didadasaran kaimanan jeung kaikhlasan nu saestuna. Ku jalan kitu, insya Alloh, urang baris aya dina hidayah jeung magfiroh Alloh SWT. Nabi SAW nandeskeun, “Sing saha jalma nu ngalaksanakeun ibadah puasa dina bulan Ramadhan bari didadasaran ku kaimanan jeung kaikhlasan, Alloh baris ngahampura dosa-dosa anu geus kaliwat.”
Ibadah puasa teh memang teu enteng pikeun jalma nu ipis iman mah. Beuratna nataku lir manggul beban nu aya di luar kamampuhanana. Tapi sabalikna, lamun iman nu ngancik dina dirina geus kandel tur apal kana mangpaatna mah, insya Alloh baris husu ngalaksanakeunana. Najan beurat moal karasa beurat, najan hese moal karasa hese. Estu endah, genah, tur gumbira.
Bulan Ramadhan disebut “Sayyidusy-Syuhur”, hartina panghulu sakabeh bulan. Disebut “Sayyidusy-Syuhur” teh sabab pikeun nu ariman mah ieu bulan teh bulan marema. Bulan marema pikeun ngeduk kauntungan saloba-lobana, mangrupa ganjaran ti Gusti Nu Mahasuci. Pahala sagala amal soleh ditikel sapuluh kalieun. Lamun nu sejen bisa ngalaksanakeun ibadah puasa nepi ka barisaeun ngeduk kauntungan, naha urang epes meer mangsar-mingsir nyebut teu sanggup, miyuni hayam kabiri. Naha teu era kitu ngaku iman ka Alloh jeung Rosul-Na tapi buktina kakarek dicoba kentel peujit ti subuh ka maghrib ge geus boboleh?
Kadua, ayat di luhur teh nembongkeun yen ibadah puasa dina bulan Ramadhan teh teh wajib. Nu ngaranna wajib, apanan pada uninga, mun dilaksanakeun meunang ganjaran, mun ditinggalkeun meunang siksaan. Teu langkung, urang kantun milih: naha hayang ganjaran, naha hayang siksaan? Mun hayang ganjaran, nya prak hayu laksanakeun ibadah puasa kalawan saestuna. Sabalikna lamun hayang siksaan, nya pek teh teuing teu puasa oge, asal sanggup jeung kuat nandanganana.
Hukum puasa dina bulan Ramadhan teh wajib. Yakin, geus teu bisa ditawar-tawar deui. Tapi kitu, Islam mah lain agama nu ngabangbaluhan nu ngagemna di luar kamampuhanana. Sabab dina Islam mah, hukum wajib jeung haram teh sok dibarengan ku rukhshah, sangkan manusa ngarasa hampang dina nyumponan papagon Mantenna. Jadi teu aya hukum nungtek gurat batu nu maksa mirusa manusa di luar kamampuhanana. Tah ieu teh kaheman Gusti Nu Mahasuci sangkan hamba-hamba-Na bisa ngalaksanakeun kawajibanana kalawan hampang.
“Puasa teh dina jero sawatara poe nu geus ditangtukeun. Tapi sing saha ti antara maraneh teh aya nu kasorang gering atawa keur nyanyabaan, nya pikeun manehna mah wajib puasana diitung dina poe nu sejen. Jeung pikeun jalma-jalma nu teu sanggup puasa mah bisa diganti ku fidyah nyaeta mere dahar ka jalma miskin. Atuh sing saha nu nyieun kahadean nya kahadean eta teh pikeun dirina sorangan. Jeung lamun maraneh nyaraho, puasa teh leuwih alus pikeun maraneh.” (QS. Al-Baqoroh: 185).
Harti “rukhshah” ceuk ilmu Ushul Fiqh, “Hukum-hukum nu dilarapkeun lantaran aya udzur nu mangrupa kekeculian tina hukum asal nu kulliy, atawa hukum-hukum anu ditetepkeun lantaran aya alesan-alesan nu ngameunangkeun urang kaluar tina hukum nu asal.”
“Rukhshah” teh mangrupa kamurahan ti Gusti Nu Mahasuci. Puasa dina bulan Ramadhan teh wajib. Tapi kitu, saperti nu geus diguar di luhur, hukum wajib jeung haram teh pan sok dibarengan ku rukhshah. Tah dina puasa oge aya rukhshah, saperti kaunggel dina surat Al-Baqoroh ayat 185 tadi. Puasa teh pikeun jalma nu gering atawa nu keur nyanyabaan teh bisa jadi bangbaluh nu beurat kacida malah teu mustahil bisa nimbulkeun bahaya. Tah kusabab kitu maranehna dibebaskeun tina kawajiban puasa salila gering atawa salila nyanyabaan kalawan make kanda wajib mayar puasanya dina bulan sejen.
Eta teh rukhshah ti Gusti Nu Mahaheman. Tapi kitu, lamun geringna meueusan, teu beurat, teu parna jeung lamun nyanyabaan nyabana deudeukeutan, malah bari ngageuleuyeung make sedan sagala mah, sanajan meunang batal oge ari teu matak beurat karasana mah mending keneh bari teu batal, ninggalkeun rukhshah nyokot ‘azimah. Nu dimaksud ‘azimah, nya eta hukum nu sipatna umum jeung geus dilarapkeun ti awalna keneh.
Tah dina hal ieu, urang tinggal milih, naha rek milih rukhshah atawa ‘azimah. Mun rukhshah meureun milih buka, lamun ‘azimah meureun milih diteruskeun. Dina hadis riwayat Al-Jama’ah ti Hamzah bin Amr al-Aslami disebutkeun yen Rosululloh ngawaler pertayaan manehna. “Naha abdi kedah puasa nalika nyanyabaan?” Anjeunna teh getol saum ngawaler, “Lamun hidep rek puasa meunang, rek buka meunang.”

Diposkan Oleh Kampus Kita Oke -- Lentera Dakwah

Enjang Muhaemin Kesediaan Anda membaca artikel Ngudag Gelar “Al-Muttaqin”. merupakan kehormatan bagi saya. Anda diperbolehkan mengcopy-paste atau menyebarluaskan artikel ini, dan jangan lupa meletakkan link di bawah ini sebagai sumbernya.

:: SILAKAN KLIK DAN BACA TULISAN LAINNYA ::

Diposting oleh Kampus Kita Oke
Lentera Dakwah Updated at: Senin, Januari 12, 2009